papatah
(asmarandana)
jadi budak kudu rajin
ulah kedul pamalesan
di barung bosenan poho
teu kaop cape me'esan
jol ngarasa hoream
nyiar pangarti jeung elmu
pibeukeuleun urang jaga
kaduhung datangna ahir
hese neangan ubarna
kabawa nepi ka kolot
sengsara ka papanjangan
sabab mumulan tea
ti sakola mindeng kabur
tapi ka imah teu mulang
di ajar hirup perihatin
paralun nyangsara awal
di ajar wekel sing jongjon
teman ngudag cita-cita
samemeh can laksana
jujur junuh cadu mundur
asal maksud di nekanan
buahna bakal ka petik
hirup dinemu jeung bagja
bru di juru bro di panto
benghar taya nu ka kurangan
sagala rupa boga
bari jeung henteu adigung
akuan bager berehan
ulah kedul pamalesan
di barung bosenan poho
teu kaop cape me'esan
jol ngarasa hoream
nyiar pangarti jeung elmu
pibeukeuleun urang jaga
kaduhung datangna ahir
hese neangan ubarna
kabawa nepi ka kolot
sengsara ka papanjangan
sabab mumulan tea
ti sakola mindeng kabur
tapi ka imah teu mulang
di ajar hirup perihatin
paralun nyangsara awal
di ajar wekel sing jongjon
teman ngudag cita-cita
samemeh can laksana
jujur junuh cadu mundur
asal maksud di nekanan
buahna bakal ka petik
hirup dinemu jeung bagja
bru di juru bro di panto
benghar taya nu ka kurangan
sagala rupa boga
bari jeung henteu adigung
akuan bager berehan